Bab Thoharoh



Bab Thoharoh
Ngaran thoharoh ceuk lugot: beresih tina sakabeh kokotor boh kokotor hissi atawa kokotor m’anawi boh kokotor suci atawa kokotor najis.
Kokotor hissi nyaeta kokotor anu bisa di idrok ku panca indra tegesna anu bisa di kanyahokeun ku panca indra anu bisa kapanggih ku panca indra
- Anu bisa ditinggali ku paningali
- Anu bisa diambeu ku pangambeu
- Anu bisa dirasa ku pangrasa
- Anu bisa diraba ku pangraba

Kokotor m’anawi nyaeta kokotor anu bangsa m’ana anu hanteu bisa kanyahoan ku panca indra saperti kokotor dosa kokotor akhlaq anu goreng.

Ngaran thoharoh ceuk syar’a: ngilangkeun hadast atawa ngilangkeun najis.

Ngaran hadast ceuk lugot: perkara anu anyar datang
Ngaran hadast ceuk syar’a: perkara anu bangsa itungan anu ngancik dina anggota anu ngahalangan kana sahna solat.

Ngaran najis ceuk lugot: perkara anu diitung-itung geuleuh sanajan suci.
Ngaran najis ceuk syar’a: perkara anu diitung-itung geuleuh anu ngahalangan kana sahna solat.

Ngaran hadast leutik: hadast anu ngawajibkeun kana wudhu.
Ngaran hadast gede: hadast anu ngawajibkeun kana adus.

Alat keur susuci nyaeta:

Cai
                   => Kangge wudhu, adus, ngaleungitkuen najis
Taneuh
                        => Kangge tayamum
Batu
                => Kangge ngaleungitkeun najis dina Instinja

1. Alat susuci ka-1 cai
Sumber cai:
  1. Turun ti langit
  2. Bijil ti jagat

7 Macam cai:
            1. Cai hujan                 4. Cai sumur                7. Cai ibun
            2. Cai laut                    5. Mata air
            3. Cai wahangan         6. Cai salju




فصل ) الماء قليل وكثير : القليل مادون القلتين ، والكثير قلتان فأكثر. القليل يتنجس بوقوع
النجاسة فيه وإن لم يتغير . والماء الكثير لا يتنجس إلا إذا تغير
طعمه أو لونه أو ريحه

Babagian Cai
Ari cai eta aya 2:
1.      Cai saeutik
Ngaran cai saeutik: cai anu ukuranana kurang tina dua kullah.
Ari cai saeutik eta jadi mutanajis ku kalagragan najis dina cai saeutik sanajan teu barobah.
2.      Cai loba
Ngaran cai loba: cai anu ukuranana dua kullah atawa leuwih loba.
Ari cai loba eta hanteu jadi mutanajis anging dimana-mana barobah naon rasana, atawa rupana (warna), atawa ambeuna cai loba.
Ari dua kullah kira-kira 200 Leter.

Babagian Cai:
1.      Cai suci tur nyucikeun
Nyaeta cai anu suci dina dirina jeung bisa dipake nyucikeun perkara sejen atawa anu sok disebut cai mutlak (cai murni) cai anu hanteu dibere ngaran khusus, contona cai anu 7 macam tadi.
2.      Cai suci hanteu nyucikeun
Nyaeta cai anu suci dina dirina tapi hanteu bisa dipake nyucikeun perkara sejen.
            Cai suci hanteu nyucikeun aya 2:
a)      Cai must’amal nyaeta cai anu geus dipake ngilangkeun hadast.
b)      Cai anu barobah ku perkara anu suci anu campur saperti cai anu barobah ku mangsi.
3.      Cai mutanajjis aya 2:
a)      Cai saeutik anu karagragan najis boh barobah atawa hanteu barobah.
b)      Cai loba anu karagragan najis sarta barobah.
Pangutama-utamana(pang afdolna) cai:
1.      Nyaeta cai anu nyumber tina antara pirang-prang ramo Kanjeng Rosul SAW.
2.      Cai zam-zam.
3.      Cai kautsar.
4.      Cai sungai nil di mesir.
5.      Cai sungai anu sejena.

2. Alat susuci ka-2 taneuh
            Taneuh anu sah dianggo susuci kanggo tayamum nyaeta taneuh naon bae, rek warna naon bae, sahingga taneuh nu sok dijieun ubar, taneuh anu diduruk (sanajan hideung asal can jadi ruhak), taneuh anu aya di kocoran cai, taneuh uyah.

3. Alat susuci ka-3 batu

فصل) شروط إجزاء الحَجَرْ ثمانية: أن يكون بثلاثة أحجار ، وأن ينقي المحل ، وأن لا يجف
النجس ، ولا ينتقل ، ولا يطرأ عليه آخر ، ولا يجاوز صفحته وحشفته ، ولا يصيبه ماء ،
وأن تكون الأحجار طاھرة
Ari lobana syarat sah susuci ku batu aya 8:
1.      Kudu aya susuci ku 3 batu.
2.      Kudu nepikeun beresih tempat najisna.
3.      Ulah kaburu garing najisna.
4.      Ulah pindah dina tempat najis kana tempat lain.
5.      Ulah kadatangan kana eta najis, najis sejen.
6.      Ulah ngaliwat najis kana bobokongna jeung kana hasapahna sijalma.
7.      Ulah keuna kana najis naon cai.
8.      Kudu aya sakabeh batu eta suci.

Syarat benda kanggo diangge susuci:
1.      Bukti bahwa eta benda teh suci.
2.      Bukti eta benda teh teuas.
Lamun bendana baseuh teu sah kudu garing jeung teuas.
Conto anu teuas: batu, kenteng.
Lamun lamak/kaen, kertas/tisu, eta kedah dibuntel-buntel sangkan teuas.
3.      Bukti eta benda teh anu nyabut atau tiasa narik kana najis tur anu tiasa ngabersihkeun.
Lamun ku anu licin bendana saperti kaca eta teu sah.
Lamun ku taneuh muruluk eta teu sah, tapi lamun taneuh anu teuas eta tiasa.
4.      Bukti eta benda teu dimulyakeun ku syar’a.
Tiasa oge ku kulit sato anu tos disamak tapi lamun teu acan disamak eta teu tiasa.